Download soal soal ulangan ktsp kelas 1 2 3 4 5 6 kurikulum 2006 Tahun 2015

Contoh Soal Bacaan Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1

ads
ads
KAAYAAN SD SUKASARI I




     SD abdi SD Sukasari I, kaasup SD "Percontohan". Dina sagala widang kegiatan sok diilukeun. Kamari oge meunang lomba calistung (membaca, mnulis dan berhitung), tingkat kabupaten.
     Murid-murid  di  SD Sukasari mah disiplin pisan. Uanggal poe Senen, sok make seragam bodas-bodas, sarta didasi jeung ditopi. Sapatuna kudu hideung. Lamun aya barudak nu ngalanggar aturan, sok dibere sanksi. Husus poe Jumaah mah, barudak marake baju takwa, iwal nu non muslim.
      Di sakola teh aya sapuluh rohangan. Nu genep rohangan dipake pikeun diajar. Nu opat rohangan deui mah, dipake pikeun rohangan kesenian, rohangan UKS jeung pramuka, perpustakaan jeung laboratorium.
      Rohangan kesenian dihijikeun jeung rohangan olahraga, legana mah kurang leuwing 8 x 8 meter pasagi. Atuh dijerona teh aya gamelan, angklung jeung calung. Barudak sok lalatihan degung, calung jeung angklung. Nu ngalatihna oge  husus lulusan sarjana seni.
      Rohangan UKS jeung Pramuka rada leutik ukuranana, kurang leuwih 6 x 7 meter pasagi. Di ieu rohangan aya kasur, paranti istirahat upamana aya nu geuring. Atuh obat-obatana oge kawilang lengkep. Ari nu sok ngalatih UKS jeung Pramuka mah ti Dinas kasehatan.
      Rohangan nu panggedena   dipake komputer jeung laboratorium ukuranana 11 x 11 meter pasagi. Komputer aya 25 siki. Murid-murid diwajibkeun diajar komputer. Ieu nu ngabedakeun pangajaran di SD Sukasari jeung SD sejena.
      Rohangan perpustakaan ukuranana 9 x 9 meter pasagi. Perpustakaan sakola pangalusna ditingkat kabupaten mah. Buku-bukuna lengkep. Pengurus perpustakaan oge, lain guru didinya, tapi husus jalma nu ahli dina ngokolakeun perpustakaan. Pernahna ieu perpustakaan aya dikencaeun rohangan diajar pantungtungna. Jadi barudak teh bakal tenang, upama maca jeung diajar di perpustakaan. henteu kagiridig ku murid sejen.

Dicutat tina buku Pangrumat Basa Sunda


Pek jawab sakur pananya di handap ieu!

1. ku naon SD Sukasari bet disebut SD percontohan?
2. Sebutkeun contona yen SD Sukasari teh disiplin pisan!
3. Kumaha kaayaan barudak SD Sukasari dina poe Jumaah?
4. Aya sabaraha rohangan di eta sakola teh?
5. Dipake rohangan naon wae cenah?
6. Ditingkat mana yen perpustakaan SD Sukasari kaasup alus?
7. Saha nu ngokolakeun perpustakaan sakola teh?
8. sakumaha gedena ukuran rohangan komputer jeung laboratorium nu aya di Sd sukasari?
9. Pangajaran naon nu ngabedakeun SD Sukasari jeung Sd nu sejena?
10. Kumaha kaayaan buku pangajaran di SD Sukasari?

ads